22 January 2013

Kumpulan Cerita Cangehgar ( Carita Ngeunah Dan Segar )


Dina tulisan ayeuna mah simkuring bade nyatetkeun carita bobodoran ala CANGEHGAR, upami teu salah mah ieu teh salah sahiji acara ti Radio Rama FM Bandung, punten weh upami salah mah, sok ah deer.
Tips untung di akhir bulan ala Adul…
- mun naek angkot, pas turun pura2 kacopetan trus pupuntenan ka supir lantaran teu mayar, da moal disiksa ieuh..
- mun lapar, asup ka warung nasi padang, pesen sangu tuluy bere kuah daging, bumbu rendang, jeung kuah ikan, dina mayarna ge paling 3rbu mun dahar jeung kuah hungkul, ngan kahade cai kokobok tong dikuahkeun…
- mun dek ngajak jalan2 ka kabogoh, ajak we… Ka luhur gunung! Nu sepi, euweuh tukang dagang. Dijamin teu loba pengeluaran…
Mangga selamat mencoba!
★·.·´¯`·.·★
@Adul:..”pak…pak… si..ucup maot pak…handapeun tangkal”
@Udin:…”inalilahi,..kunaon dul si ucup nepika maot…?”
@Adul:…”tadi teh adul,rina jng ucup ulin ucing sumput…rina jng adul nyumput na handapeun meja ,si ucup mah nyumput na handapeun tangkal…”
@Udin:…”na nyumput handapeun tangkal bisa maot,sing jels sateh…?’
@Adul:…”nya rek teu maot kmh pak da nyumput na g handapeun tangkal eceng gondok di balong wa haji,ayeuna g ngambang keneh can aya nu ngangkat…”
@Udin:…”allah hu akbar…..(gubrak langsung kapiuhan)…
★·.·´¯`·.·★
Guru@ barudak ayeuna urang di ajar sejarah nya
Murid2@ muhun bu
Guru@ adul,saha nu ngabangun monumen bandung lautan api!!(ngajorowok siga nu ambek,ka adul nu tatadi sare)
Adul@ (lulungu) sumpah bu sanes abdi(sieun)
Guru@ harr,saha nu ngabangun monumen bandung lautan api??
★·.·´¯`·.·★
-NU CAN TERANG-
Guru: adul kahareup, nyanyikeun lagu nu kamari di ajarkeun
Adul: (maju kahareup,bari nyanyikeun lagu ku sora leutik da teu apal tea)cicak2 di dinding
Guru: gedean!
Adul: Toke2 di dinding
Guru: gedean(keuheul)
Adul: buaya2 didinding
Guru: (buukna mulai rancung)lain hewanna nu digedean,tapi sora maneh sadul
Adul: adul adzan wh nya pa,meh gede sorana
Guru: sok welah kumaha maneh
Adul: allahu akbar2x
Guru: (lieureun)na aya ku..gede sadul
Adul : pa allah mah maha besar pa,teu aya nu langkung ageung ti allah
Guru: enya bnr,allah maha besar tapi nilai maneh leutik
Adul: ageungan ath pa
Guru: TEU BISA,NILAI MANEH LEUTIK!!(ngajorowok)
Adul: sanes sora bapa nu di ageungan,tapi nilai abdi
Guru: Saduuuuuulllll(kapaehan)
Adul@ eh ai ibu saur abdi ge sanes abdi bu sumpah
Guru@ euh budakteh,isuk panggil orangtua k sakola
Adul@ muhun bu
*isukna*
Guru@ pa kumaha ieu teh adul meuni kirang pisan knu diajarna
Udin@ emang kunaon kitu?
Guru@ maenya ku abdi ditaros saha nu ngabangun monumen bandung lautan api kadeun ngajawab,sumpah sanes abdi bu!kitu ceunah
Udin@ eh ai ibu,da emang sanes adul bu,meureun rerencanganna atanapi ibu nyalira meureun ..
Guru@ euh ieu mah sarua bodona(ngadagor2 sirah sorangan kanu meja)
★·.·´¯`·.·★
Obat Stress AliasDavid
Dihareupeun imah Mbah Dukun :
Adul : “Mbah tulungan abi, loket abi leungit! aya beja ti batur mah , mbah bisa neangan barang2 anu leungit?”
Mbah Dukun : ” Enya jang,,, leres pisan eta teh!, Tapi isukan we jang kadieu deui!”
Adul : “Isukan kumaha ari mbah, pan abi jauh dijugjug ngahaja kadieu, maenya kalah isukan mbah? Ayeuna we mbah,,,, dina loket bener2 aya anu penting!!! (si Adul ngahelas!)
Mbah Dukun : “Yeuh Jang,,,,!!! Mbah moal bisa manggihan loket maneh, soalna konci kamar praktek mbah Leungit ti Kamari!”
Adul : ” Beuuuhhh,,,, dasar siah dukun gadungan !”
#Amuk2an bari ngalegleug si Mbah Dukun!#
★·.·´¯`·.·★
Adul keur kukulintingan di hareupeun imahna,siga aya nu di dagoan,
apekteh datang tukang cendol,terus adul nyampeurkeun bari ngomong
“mang,sabarahaan eta cendol teh sagelasna?”
Tukang cendol: “1500 jang!”
Adul: “pami sakeclak sabaraha mang?
Tukang cendol: “oh pami sakeclak mah gratis atuh jang”
Adul: “hmm,pami kitumah abdi nyungkeun atuh keclakan neupikeun ka pinuh sagelas”
★·.·´¯`·.·★
*kesempatan*
W.haji@dul,pang mawakeun sendal jug ditukangeun imah ,menta weh jug ka si rina
Adul@oh muhun wa(nyampeurkeun rina)
Adul@neng,saur w.hji,neng keudah nyium akang
Rina@alim akh
Adul@wa tinggali kadeun alim wa(ngajorowok)
W.hji@bikeun rina(ngajorowok)
Rina@enya atuh(nyium pipi kanan adul)
Adul@sabelah deui atuh neng
Rina@alim
Adul@wa,tinggali nu sabelah deui teu dipasih(ngajorowok)
W.hji@bere rina(ngajorowok)
Rina@yeuh atuh(nyium deui)
W.hji@dul gncang kdieu(ngjorowok)
Adul@muhun wa(nymperkeun)
W.hji@ai sendalna mana?
Adul@ah,ku w.hji wh nylira
W.hji@harr,ai tadi nu teu dibikeun teh naon?(gagaro sirah ku stum)
★·.·´¯`·.·★
“ADUL VS M’BAH DUKUN”
Adul: m’bah, kuring th hayang k 1 awewe.
Dukun: oooh . . . Nu awewena aya karangan na pi”na lin dul? . . .
Adul:ning trang? . . .hebat euy (bari ngasongkn jmp0l kana irung dukun)
Dukun: nu ngarana rina lin dul? . . . .
Adul: Mhun eta pisan m’bah.
Dukun:nu kbeukina urab eceng jeung kejo oyek lin dul? . . . .
Adul: ning apalan jeung nu kitu”na m’bah mh? .
Dukun: rek t apal kumaha tda ontohod siah, eta th kpan anak aing. (bari nangtung mesat bedog) .
Harita kneh beungeut si adul langsung beurm blas reuwas jeung sieun. ‘Jorelat ‘Guajleng’ ngan sakilat adul luncat k para bari babay md0l,(sking ku sieun). .
Dasar si sadul keur g0reng milik,teu apaleun d para aya senteg nu ktincak ku sukuna,
‘Adaaaauwh’ si adul ngagoak’gorobas’ para na teh tot0s,
Jadi w parantos.
★·.·´¯`·.·★
Adul nelpon k stasiun Radio
Adul: halo
Pnyiar:halo ieu sareng saha?
Adul: teu sareng sasaha,abdi mah nyalira da
Pnyiar: maksudna th nami saudara saha?
Adul: oh nami saudara abdi mh ucup
Pnyiar: maksudna th nami bapa saha
Adul: oh bapa abdi mh nuju di sawah,bapa udin tuh,bade nyarios?
Pnyiar: aduh uing mh lieur,sok ayna bade nitip salam kasaha?
Adul: oh enya,ka ema icih, enggal jaitan popoean kituh bade hujan, tos akh ,abdi nuju ngangon sibelo meuni ngaganggu wae
Pnyiar: eh kehed,pan maneh nu nelpon kadieu(neleg telpon)
★·.·´¯`·.·★
Adul@inalilahi wainailaihi rojiun
icih@saha nu maot jang
adul@udin bin iting nu jualan cacing
jeng kapiting
bju kuning
calana pink
icih@bapa sia mereun da tadi ngala cacing
di titah ku kuring
da keseul gawe na ngan ukur nangkring
moe gading nepi ka garing uing jdi rarungsing
adul@ah teing
kuring oge beja di si oding keur mancing
di balong mang iding
icih@ari sia lain tanyakeun dei ka si oding tong nyieun hariwang ka kuring
bisi di banting ku uing nepi ka jeding
adul@naha ari ema jadi uing nu pusing
kaduhung di bejaan ku uing..
Icih@dasar si jeding tukang ngising na piring
adul lumpat ti babaranting da sieun di baledog ku hulu ucing
mening oge
★·.·´¯`·.·★
Adul kr naek angkot
Neng@(ceurik balilihan)
Adul@kunaon neng
Neng@itu geura,teu ridho abdi mah,maenya budak abdi disebut hideung, pipi tembem, irung pegek geura
Adul@ku sha neng
Neng@itu tuh ku nu dipayun
Adul@eh eta kurang ajar siah,sok bu ambekan kaditu, ontrog kaditu, tong di bere ampun tuman, keun weh ieu anak setan jurig babi monyet hideung pegek ieu mah ku abdi jagi didieu
Neng@sia ge ngahina kehed,teu asa2 ngahina teh (nakol adul ku angkot)
★·.·´¯`·.·★